Plakat Ayam Sentul

 

Manuskrip Nipah Sunda Kuno “Siksa Kandang Karesian” Musium Jakarta Register Koropak 630 Bab I. Alinea 4 nipah ke 4 bagian belakang yang ditulis oleh Resi Guru Rajaputra pada tahun 1440 Saka atau tahun 1518 Masehi;

 


Ini pakeun urang ngretakeun bumi lamba, caang jalan, panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan. Anggeus ma imah kaeusi, leuit kaeusi, paranjé - pakotokan kaeusi, huma kaoméan, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowé waras, nyewana sama wong (sa)rat. Sangkilang di lamba, trena taru lata galuma, héjo lémbok tumuwuh sarba pala wo(h)wohan, dadi na hujan, landung tahun, tumuwuh daék, maka hurip na urang réya. Inya éta sanghyang sasana kreta di lamba nga-rana.

 

Ieu pikeun urang ngaluginakeun kahirupan di dunya, caang jalana, panjang galengan, lugina parab, tumaninah dipipir imah, lening buruan, pakakas imah anggeus kaeusi, leuit kaeusi, pakandangan hayam kaeusi, huma karopéa, kebon kaurus, sadapan karopéa, panjang umur bari séhat tur sagala kabutuhan jeung kahayang kacumponan, koncina aya dina nyumponan kabutuhan papada manusa. Sagala pangdeudeul hirup ; jukut, tatangkalan, areuy-areuyan, ruyuk anu tumuwuh héjo ngemploh ngababarikeun datangna hujan unggal tahun, ningkatkeun tumuhna kakayon, mangka hurip keur urang saréréa. Nya éta sarana pasti kaluginaan hirup.

 

Ini untuk kita meraih kesejahteraan hidup didunia, terang jalannya, panjang pematang, subur tanamannya, leluasa pakan, bersih semua samping rumah, bersih halaman rumah. Bila isi rumah terpenuhi, lumbung terisi, pekankandangan ayam terisi, kebun terurus, sadapan terpeluhara, panjang umur dan selalu sehat, kuncinya ada pada pemenuhan kebutuhan orang banyak, segala penopang kehidupan seperti  rumput, pohon-pohonan, rambat-rambatan, semak belukar yang tumbuh menghijau memudahkan datangnya hujan sepanjang tahun meningkatkan pertumbuhannya yang memberikan kehidupan bagi semua dan orang banyak. Ya itulah nama sarana kesejahteraan dalam kehidupan di dunia.

Gotra Pakotokan

Sawung Watang Pancaniti Hayam Sentul

“Taruna Guna Bhakti”

Manuskrip Lontar Sunda Kuno “Carita Parahyangan” Musium Jakarta Register Koropak 406 Bab I. Alinea 4 lontar ke 4 bagian belakang yang ditulis pada akhir abad 16;

 

 

Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, nu miseuweukeun pancaputra; Sang Apatiyan Sang Kusika, Sang Garga Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Putanjala inya Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, Sang Wretikandayun. Na Sang Mangukuhan nyieun manéh panghuma; Sang Karungkalah nyieun manéh panggérék pakotokan, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap; Sang Sandanggreba nyieun manéh padagang, Wretikandayun nyieun maneh Sang Ratu Galuh.

 

 

Sanggeusna rarabi, nya lahir anak-anakna limaan, mangrupa titisan Sang Kusika, Sang Garga, Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Puntandjala, nya éta: Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba jeung Sang Wretikandayun. Ari Sang Mangukuhan jadi tukang ngahuma, Sang Karungkalah jadi tukang moro jeung ingon-ingon hayam, Sang Katungmaralah jadi tukang nyadap, sarta Sang Sandanggreba jadi paninun jeung padagang pakean. Sang Wretikandayun jadi Raja Galuh.

 

 

Setelah menikah, lahirlah lima anak, berupa titisan Sang Kusika, Sang Garga, Sang Mestri, Sang Purusa dan Sang Putajala. Yaitu Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungramalah, Sang Sandanggreba dan Sang Wretikandayun. Sang Mangukuhan menjadi petani, Sang Karungkalah menjadi pemburu - peternak ayam, Sang Katungramalah menjadi penyadap, Sang Sandanggreba menjadi penenun - penjual kain dan Sang Wretikandayun menjadi Raja Galuh.

 

 

 

Gotra Pakotokan

Sawung Watang Pancaniti Hayam Sentul

“Taruna Guna Bhakti”

 

WASTIKA CARAKA KI NAYADIPA-DIPANAYA

PASIR CUKANGAKAR

 

Hamo urang deuk sakwéh ning pakotokan pama kula tan satya ning Sang Manorah, nonob tan pasir cukangakar sing iwirna manik Si Jelug ma Si Kutik ma balad satya sapta welas kuren.

 

Aya ma nu urang dek céta, ulah salah geusan nanya, hayang nyaho di sakwéh  iwira ning pakotokan ma, maka nguni ; paranjé, iyut, ciak, sasapihan,arang-arang, babaranten, manikna, sarwa ubaran, kotok abar, sarwa parabna citri byapari pangérék pakotokan tanya.  Uni na  Pustaka ning Gegersunten   Kotokan Citri Byapari (?).

 

Kuring moal daék miara sakabéh urusan ingon-ingon hayam upama kuring teu satia ka Sang Manorah (Ciungwanara), bumén-bumén di pasir cukangakar estura keur ngajengkarkeun ku ngawinkeun Si Jelug jeung Si Kutik jeung  balad nu satia tujuh belas tugu.

 

Upama urang rék milampah, ulah salah néangan pananyaan. Hayang nyaho sakabéh carana ingon-ingon hayam, mangka kanyahokeun ; kandang, endog, anak hayam, hayam sasapihan, hayam bikang sawawa, hayam jago sawawa, cara ngawinkeuna, sagala obatna, hayam adu jeung rupa-rupa parabna tanya ka jalma anu nyangking élmuna ingon-ingon hayam. Guar buku pinter élmu ingon-ingon hayam ti Gegersunten.

 

Tidak mungkin saya mau memelihara dan melaksanakan segala teknis beternak ayam apabila saya tidak setia terhadap Sang Manorah, bermukim di bukit cukangakar hanya untuk membudidayakan Si Jelug dan Si Kutik bersama teman setia sebanyak tujuh belas keluarga.

 

Bila kita hendak bertindak (beternak), jangan salah mencari tempat bertanya. Bila ingin tahu tentang semua cara beternak ayam, maka ketahuilah hal ihwal ; pekandangan, telur, DOC (day of chiken), betina menjelang dewasa, pejantan menjelang dewasa, ayam jago dewasa, cara mengawinkannya, semua obat-obatan, ayam petarung dan macam-macam pakan ayam, bertanyalah kepada orang pintar yang memiliki ilmu beternak ayam. Pelajari buku pintar ilmu beternak ayam dari Gegersunten.

 

Gotra Pakotokan Sawung Watang Pancaniti Hayam Sentul

“Taruna Guna Bhakti”

 

GEGERSUNTEN

DODOKAN CIUNGWANARA - JUMENENG ALATAN HAYAM

 

Gegersunten mangrupa pamukiman leutik nu aya di wewengkon Kampung Sodong Desa Tambaksari Kacamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis ayeuna. Tempatna lumayan nyingkur anu mernahna wetaneun kampug Kuta. Sok sanajan kitu patempatan ieu mibanda tuladan anu gede dina sajarah heubeul Karajaan Galuh abad ka-7. Tuladan Gegersunten kacutat jeung kagurat dina carita Ciung Wanara sakumaha anu dipedarkeun ku Drs. Yoseph Iskandar dina buku “Yuganing Rajakawasa” yen Gegersunten mangrupa dodokan Ki Balangantrang,  salah sahiji nonoman Galuh anu ngaran aslina Sang Bimaraksa anak bungsu Sang Jantaka ti Denuh nu lahir dina tahun 653 Masehi. Sang Bimaraksa kacutat dina sababaraha babak gotrayuda rebutan kakawasaan di Karajaan Galuh.

 

Sang Bimaraksa incu Wretikandayun anu ngadegkeun Karajaan Galuh tur ngabantu Purbasora (anak Sempakwaja) pikeun ngarebut tahta karajaan ti Senna (anak Mandiminyak) anu waktu harita jadi Raja Galuh. Sempakwaja, Jantaka jeung Mandiminyak mangrupa anak ti Wretikandayun, Purbasora tinekanan ngarebut kakawasaan ti Senna anu seterusna jadi Raja Galuh ti mimiti tahun 716 Masehi anu Patihna Bimaraksa. Senna mabur ka Mataram anu saterusna jadi Raja Kalingga Kaler. Saestuna Senna mangrupa anak larangan ti Mandiminyak jeung Pwah Rababu, inyana kawin manu jeung adi awewe anu ngaran Sanaha anak Mandiminyak jeung Dewi Parwati anu dina tahun 683 mibanda anak nu ngaran Sanjaya. Sanjaya males pati ka Purbasora anu geus ngusir bapana ti Galuh, inyana dibantu ku Resi Guru Rabuyut Sawal ti Panjalu anu nagwariskeun kitab jurit  “Pustaka Bala Sarewu” . ku pola tina kitab eta Sanjaya mibanda elmu kanuragan anu linuhung jeung mibanda pasukan pinilih gabungan ti Bumi Mataram, Bumi Sembara jeung Karajaan Sunda. Sanjaya ngagempur Galuh anu balukarna niwaskeun Purbasora anu umurna geus 80 tahun, Senapati Bimaraksa lolos tina perang eta anu saterusna mukim di Gegersunten. Sanjaya jadi raja di Galuh, alatan inyana ngarangkep jadi raja di dua nagara, Galuh dipasrahkeun ka Permanadikusumah anu patihna ku anak Sanjaya anu ngaran Tamperan Barmawijaya atawa Arya Kebondan.

 

Gotrayuda ngajadi deui dina waktu tiwasna Permanadikusumah ku Tamperan Barmawijaya alatan inyana salingkuh jeung pangrenyep jeung seja numpurkeun turunan Permanadikusumah, kalicikan eta katohyan ku Bimaraksa anu ngaran gelarna jadi Ki Balangantrang. Aki Balangantrang bapana Naganingrum pamajikan anu kolot Permanadikusumah alias Ajar Sukaresi mibanda anak anu ngaran Sang Manorah atawa ngaran nu dipiwanoh nyaeta  Ciung Wanara.

 

Saterusna Gegersunten dijadikeun panyumputan Naganingrum jeung Ciung Wanara pikeun nyusun kakuatan perang ku ngumpulkeun para prajurit tikarajaan Sawunggalah, sesa laskar Galuh anu satia jeung ti Karajaan Indraprahasta anu pernah dilumpuhkeun ku Sanjaya.

 

Ciung Wanara tumuwuh dewasa jeung Hayam sakuren anu dingaranan Si Jelug jeung Si Kutik, hirupna estura kentel jeung hayam anu dipikaasih ti bubudak, dina tradisi adu hayam tahunan pasukan Gegersunten anu dipingpin ku Ki Balangantrang jeung Ciung Wanara tinekanan ngarebut kakawasaan kalawan hasil males pati ku mateni Tamperan jeung Pangrenyep. Manorah alias Ciungwanara jadi Raja Galuh. Tiwasna tamperan jeung Pangrenyep ngabalukarkeun murkana Sanjaya ti Kalingga, gotrayuda udal deui, perang campuh di Galuh kacida rohaka, Sang Resi Demunawan alias Jantaka  jadi panengah dina gotrayuda eta. Kauntun tipung katambang beas ngajadi babadamian keur mudarkeun satru sabuyutan. Gotrayuda jadi Gotrasawala.

 

Galuh kabagi dua, Galuh Wetan anu kutarajana di Bojong Galuh Kamulyan ku Ciung Wanara, Galuh Kulon anu kutarajana di Imbanagara ku Hariangbanga anak Tamperan Barmawijaya ti Dewi Pangrenyep. Bimaraksa lengser tina kapatihan mukim di Kampung Kuta jadi panyadap Kawung kalawan ganti ngaran jadi Raksa Bumi.

GEGESUNTEN

TEMPAT PEMUKIMAN CIUNGWANARA – BERTAHTA KARENA AYAM

 

Geger Sunten merupakan blok kampung kecil yang berada di wilayah Desa Sodong Kec. Tambaksari, Ciamis sekarang. Lokasinya cukup terpencil, terletak di sebelah timur Kampung Kuta. Namun demikian, tempat ini memiliki peranan besar dalam sejarah Galuh klasik pada abad ke-7. Nama Geger Sunten muncul dalam kisah Ciung Wanara yang terkenal. Seperti yang tercatat dalam buku “Yuganing Rajakawasa” (disusun oleh Drs. Yoseph Iskandar) Geger Sunten merupakan tempat bermukimnya Aki Balangantrang. Tokoh yang aslinya bernama Sang Bimaraksa ini merupakan putra bungsu Sang Jantaka dari Denuh yang lahir tahun 653 masehi. Sang Bimaraksa muncul dalam beberapa babak konflik perebutan kekuasaan di Kerajaan Galuh. Sang Bimaraksa adalah cucu Wretikandayun sang pendiri kerajaan Galuh, yang membantu Purbasora (putra Sempakwaja) untuk menggulingkan Sang Senna (putra Mandiminyak) yang saat itu menjadi Raja di Galuh. Sempakwaja, Jantaka dan Mandiminyak adalah putra dari Wretikandayun. Purbasora berhasil menggulingkan Sena dan mulai memerintah Galuh pada tahun 716 masehi. Dan Bimaraksa Menjadi patih kerajaan Galuh. Sedangkan Sena sendiri berhasil melarikan diri dan kemudian diangkat menjadi Raja di Mataram (kalingga Utara).

 

Sena (putra Mandiminyak dengan Pwah Rababu) melaksanakan perkawinan manu (menikah dengan saudari sendiri) dengan Sanaha (putri Mandiminyak dengan Dewi Parwati) maka lahirlah Sanjaya tahun 683. Sanjaya berniat membalas dendam terhadap Purbasora yeng telah mengusir ayahnya, Dengan bantuan Resiguru Rabuyut Sawal (penguasa di wilayah Gunung Sawal Panjalu - Ciamis) yang mewariskan kitab setrategi perang bernama “Pustaka Ratuning Bala Sarewu”, Sanjaya berhasil membentuk pasukan pilih tanding gabungan dari pasukan Bumi Mataram, Bumi Sembara, dan Sunda. Akhirnya Purbasora yang berusia 80 tahun gugur dibunuh Sanjaya pada pertempuran di Galuh. Namun Senapati Bimaraksa berhasil meloloskan diri dan bersembunyi di Geger Sunten. Upaya kudeta muncul lagi saat Tamperan Barmawijaya (putra Sanjaya) menjadi penguasa di Galuh. Tindakannya membunuh Permana Dikusumah secara licik karena perselingkuhan dengan Dewi Pangrenyep diketahui oleh Bimaraksa yang namanya menjadi Aki Balangantrang. Aki Balangantrang adalah ayah dari Dewi Naganingrum yang diperistri oleh Permana Dikusumah. Dari Dewi Naganingrum, Permana Dikusumah alias Ajar Sukaresi memiliki putra bernama Sang Manarah atau lebih terkenal nama Ciung Wanara.

 

Geger Sunten pun ahirnya dijadikan tempat untuk menghimpun dan menyusun kekuatan tempur yang dirahasiakan. Selama 6 tahun Bimaraksa berhasil menyusun pasukan dari partisan-partisan kerajaan yang pernah dikalahkan oleh Sanjaya. Diantaranya dari Saunggalah, sisa-sisa laskar Galuh, dan pasukan Indraprahasta.  Ciung Wanara tumbuh dewasa dengan ayam kesangannya sejak kecil, yang diberi nama Si Jelug dan Si Kutik. Tepat pada acara Tradisi Tahunan Sabung Ayam, pasukan Geger Sunten yang dipimpin oleh Bimaraksa dan Ciung Wanara berhasil menggulingkan Tamperan Barmawijaya dan membunuhnya. Sang Manarah pun naik tahta dan Bimaraksa kembali Senapati Galuh. Kematian Tamperan Barmawijaya dan Dewi Pangerenyep membuat murka Sanjaya. Gotrayudha pun pecah kembali, perang berkecamuk tanpa ada yang kalah dan menang. Akhirnya Sang Resiguru Demunawan dari Sawunggalah berhasil melerai pertempuran itu, dan dicapailah kesepakatan perdamaian keluarga sebuyut. Galuh terbagi dua, Galuh Timur dengan kutaraja di Bojong Galuh Kamulyan oleh Ciung Wanara dan Galuh Barat dengan kutaraja di Imbanagara oleh Haryangbanga anak Tamperan Barmawijaya dan Dewi Pangrenyep. Bimaraksa turun tahta dari kepatihannya dan bermukim di Kampung Kuta menjadi penyedap  pohon enau serta berganti nama menjadi Raksa Bumi.

 

Gotra Pakotokan  

Sawung Watang Pancaniti Hayam Sentul

 “Taruna Guna Bhakti”

Komentar