Keunggulan Ayam Sentul
PUNJULNA KOTOK SENTUL MANGRUPA PLASMA NUFTAH PITUIN
TATAR GALUH CIAMIS - JAWA BARAT
Perbakti ;
Tujul
kukus santung kawangi, kaluhur ka sanghyang rumuhun, ka handap ka
sanghyang batari, ka batara ka batari
kanu nyipta waktu tadi nyaēta Alloh Ta’ala. Tujul nu kasuhun ka karuhun Galuh,
sampura ka para karamat Sunda, perbēat ka para malaikat, perbakti ka
para wali, bagja surga keur para suhada, babakti ka para nabi, safaat nu di
teda ka kakasih samarcapada Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Sampura
sun..., ka indung nu ngandung ka bapa nu
ngayuga ogē ka
sanak jeung baraya tur sadulur nu di lembur ka nonoman nu di kota. Hum majemuk
teu di wiji-wiji.
Bismillahir
rohmanir rohimi,
Ngawitan
ku asma Alloh anu welas-asih, nu anggang geura teang, nu deukeut gera
deuheusan, nu adek gera raketan, Bisi seuweu-siwi kurang nastiti, Tambelar
ireung taligeuh, Kurang tata kurang titi, salah diēntēp
seureuhna, pahuat-pahuit, pakutrak-paketrok, congo dijieun puhu, puhu dijieun
congo, sampura-sun kasadayana ....
Unjuk
nu kasuhun, sampura nu kateda, perbaktos nu didolos mugia diaping di jaring di
jaga diraksa, di lingling ti peutingna dilanglang tibeurangna, jadian kuras
jadian tahun, waluya somah di rahayuna, bagja manusana, raharja nagarana, gemah
ripah didesana loh jinawi di nagarina.
Nyutat
nurut ecom pangrewong, nyukcruk galur ngaguar sajarah, ilu ucap cumarita
pangersa Bapa Prof. Dr. M. Sopjan Iskandar, Lc. P.HD. ngiclik irig tapak lacak
pangersa Bapa Yanto Suprianto, SPt. MPt. saparakanca sangkan jadi panemu anu maranti,
nirukeun pangandika para nonoman nu luhung ku ēlmu jembar ku pangabisa pupuhu
para panimu Sang Lumahing panguji pangarti.
Pun
sapun, ampun paralun, sampura-sun ....,kula ngan saukur tukang ngingon hayam
sentul patani nu raket jeung daki, seug kula jurungkeun, Mukakeun turup
mandepun, nyampeur nu dihandeuleumkeun, teundeun ēsto
nu barēto nu
mangkuk dijujut jeung diraut, ukireun dina lalangit tataheun di jero iga,
hanaguni hana mangkē, tan hana guni tan hana mangkē, aya
ma baheula tu ayeuna, hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana
watang, hana ma tunggulna aya tu catangna...
Mbah Bēbēn,
-PUHER
Kotok Sentul salah sahiji sumber daya genetik pituin
tatar Galuh Ciamis Jawa Barat. Pinunjulna kotok ieu nyaēta tumuwuhna anu kacida
cepetna jeung produksi endogna anu loba kalawan tektur daging anu hipu sanajan
kolot umurna tur mibanda cita rasa anu gurih dibandingkeun jeung hayam liana.
Kapinunjulan ēta ngajadikeun kotok sentul
bisa pikeun komoditas industri rakyat widang hayam lokal. Wangkid ieu
Pamarēntah geus museurkeun kalawan tuhu pikeun merhatikeun mekarna Kotok
Sentul. Mekarkeun Kotok sentul ēstu
penting kacida pikeun ngamustarikeun tina kapunahan ogē ngagali pinunjulna sato
ēta sangkan sapinuhna bisa dimangfaatkeun.(Cecep Hidayat & S. Sofiana).
1.
BUBUKA
Kotok
Sentul mangrupakeun salah sahiji tina 32 hayam lokal anu aya di Indonesia, (Nataamijaya,
2000) habitat asli Kotok Sentul ti tatar Galuh Kabupaten Ciamis, Jawa Barat (Nataamijaya,
1995). Kotok Sentul kaasup salah sahiji diantara dalapan (8) golongan hayam
lokal anu aya di Jawa barat. nyaēta ;
|
No |
Golongan Hayam |
Asal Daerah |
|
1. |
Sentul |
Ciamis |
|
2. |
Lamba |
Garut |
|
3. |
Jantur |
Pamanukan - Subang |
|
4. |
Wareng |
Indramayu |
|
5. |
Pelung |
Cianjur - Sukabumi |
|
6. |
Ciparage |
Karawang |
|
7. |
Burgo |
Cirebon |
|
8. |
Kibanten |
Banten |
(Suparna, et. al, 2005)
Nataamijaya,(2005)
nganyatakeun yēn populasi Kotok
Sentul di Kabupatēn Ciamis teu
leuwih ti sarēbu jeung nyebar di sababaraha kacamatan wewengkon Kabupatēn Ciamis, anu dipibanda ku tiap kulawarga
rahayat Ciamis kacida saeutikna ogē dipiara ku cara diaburkeun (Iskandar,2005).
Kotok Sentul dipiara ku cara sēmi
intēnsif jeung dijadikeun
komoditas anu ningkatkeun pangala sababaraha masyarakat Ciamis (Iskandar,2005)
Kamampuan produksi Kotok Sentul lumayan alus, dina sataun mampuh ngahasilkeun
100 endog leuwih pinunjul ti hayam kampung lianna anu aya di Indonesia, sabab
hayam lian ngan mampu ngahasilkeun endog 70 siki dina sataun, kitu ogē dina tumuwuhna keur umur 10 minggu
paling henteu 1 kg beuratna, leuwih beurat 0,1 nepi ka 0,2 kg dibandingkeun
jeung hayam kampung lianna. (Trobos,2010).
Mangrupa
plasma nutfah pituin Kabupatēn Ciamis, mekarkeun Kotok Sentul ēstu kawajiban rahayat tatar galuh anu
kiwari geus jadi puher perhatian Pamarentah, kukituna pikeun ngarojong upaya ēta dina makalah ieu ngabahas potensi
jeung ciri wanci produksi pikeun leuwih mekar jeung kaala mangfaat ogē hasil salawasna.
2.
SAJARAH
Ngenaan sajarah
Kotok Sentul, kaistrēnan dina carita galur sajarah Karajaan galuh jaman Raja
Adimulya Permanadikusumah anu diangkat raja ku Sanjaya. Raja Adimulya
Permanadikusumah mibanda gelar Bagawat Sajala-jala dina widang kaelmuan jeung
gelar Anjar Sukaresi dina widang kaagamaan. Gelar ēta teu ahēng deui pikeun masyarakat di wewengkon Bojong Galuh
Karangkamulyan jeung masyarakat wewengkon Gegersunten Tambaksari, Adimulya
Permanadikusumah lahir dina tahun 683 Masēhi anak Wijaya
Kusumah patih Karajaan Sawung Galah Kuningan. Mibanda pamajikan anu ngaran
Naganingrum ti Garatengah.
Sanjaya turunan Karajaan Sunda jeung Galuh anu jadi Raja Kalingga
Kaler alatan iana jadi minantu Ratu Shima, anu saterusna ngadegkeun Karajaan
Majapahit. Sanjaya ngangkat Adimulya
permanadikusumah jadi Raja Galuh pikeun ngarujukeun kulawarga Karajaan Galuh
jeung Karajaan Sunda utamana pikeun mupus satru pupuhu Galuh nyaēta Batara Sempakwaja jeung Resi Guru Jantaka anu mukim di Denuh
(tatar kidul pasundan) jeung Medang Kamulyan (cikal bakal Sumedang Larang-
wawngkon Kab. Sumedang). Pikeu nguatkeun pulitikna Sanjaya ngawinkeun Adimulya
Permanadikusumah ka anak patih Anggada ti Karajaan Sunda anu ngaran Pangrenyep dulur misan pamajikan
Sanjaya ti Karajaan Sunda.
Waktu anak Adimulya Permanadikusumah ti Naganingrum nyaēta Manorah umur 5 taun, iana ngarasa teu genah jadi Raja
galuh anu ku pulitik Sanjaya sacara teu langsung kudu tunduk ka Karajaan Sunda,
iana masrahkeun karajaan ka patihna anu ngaran Tamperan. Adimulya
Permanadikusumah miang tatapa ka Gunung Padang (situs Melatitukum panggedēna di Asia-Fasifik, Cianjur).
Tamperan hianat ka Adimulya permanadikusumah ku ngorokoconoh Pangreyep nepi ka
ngalahirkeun budak anu disebut Kamarasa atawa Sana’a (hasil pangrasa anu salah
atawa anak tina salah) ngarana Hariang banga. Pikeun nutupan kagorēngana Tamperan nyieun padika
licik ku mateni Permanadikusumah di Gunung Padang jeung mibanda paniatan
numpurkeun Turunan Permanadikusumah anu ngabogaan hak Karajaan Galuh sangkan
pamangku Karajaan tiba ka anakna nyaēta Hariang
Banga.
Padika ēta katohyan ku
Bimaraksa alias Raksabumi katelah
Kibalangantrang, pikeun nyalametkeun Manorah jeung Naganingrum tina panandasa Tamperan,
Kibalangantrang nyileman ti karaton dibarengan ku Kinayadipa (ahli seni ronggēng jeung kokolot kanurangan) centēng Naganingrum jeung pangasuh Manorah (wewengkon Cukangakar –
Cibitung- Sukasari-Tambaksari), 17 urang Ponggawa nu satia, 5 urang juru
cangkalak, 5 juru udag, 15 juru sasayap, 6 urang juru
mudi, 5 urang juru wangun nu ngagotong bebekelan jeung tenda pucuk, saurang juru
pasak lalaki nu ringkung ku parabot masak, 5 urang jawara penca ti Bahara
Panjalu jeung ti Lēlēs Garut ogē
saurang juru pikul nu manggul peti wadah pusaka karajaan jeung endog hayam
sakuren ngajugjug Gegersuntēn (wewengkon Sodong-Tambaksari).
Manorah
tumuwuh sawawa di Gegersuntēn, waktu umur 8 tahun mimiti sok diajak moro ka
Leuweung Cihējo tepung di tēngah leuweung sabalad-baladna (balad = kanca, nelah
Gunung Kancana) oge marak di Walungan
Cisanca, iana sok loba tatanya jeung loba kapanasaran ka Kibalangantrang. Dina
Hiji waktu iana nempo Beo jeung Monyet terus nanya ka Kibalangantrang kalayan
dijawab yēn eta tēh Ciung jeung Wanara, ti danget ēta
Manorah hayang dingaranan Ciungwanara.
Upama
teu moro atawa marak Ciungwanara sok dilatih seni jeung tatanēn, penca jeung ngagunakeun pakarang
perang diantarana Pusaka kujang lobang salapan titinggal ti karuhuna, waktu
neundeun kujang Ciungwanara nempo 2 barang anu ahēng keur iana, nu hiji semu lonyod nu hiji deui semu buleud, terus
ditanyakeun ka indungna yēn anu
2 ēta naon ngarana jeung
mangrupa pakarang naon. Ku naganingrum diterangkeun yēn anu 2 ēta ngarana endog hayam, lain pakakas
perang tapi hiji benda anu baris hirup upama dipegarkeun. Ciungwanara genah
panasaran meredih ka indungna sangkan ēta
endog dipegarkeun, indungna nurutkeun kahayang Ciungwanara. Waktu ēta Naganingrum bingung sabab euweuh
indung hayam keur nyileungleuman endog, ku Naganingrum endog diteundeun dina
sayang Oray Sanca Manuk anu keur nyileungleum sangkan kasileungleuman di
leuweung sisi lembur.
Pamaksudan Naganingrum diijabah, endog hayam
megar jadi hayam Jago jeung Hayam Bikang, rupa bulu jeung wangun bulu badis
rupa jeung sisit oray anu megarkeunana, kulawu kolot jeung nyusun badis sisit
oray. Endog geus jadi Ciak, dirawatan ku Naganingrum ngencar pipir hawu diparab ku beuyeur beas beureum ti huma nepi
ka jajangkar. Ciungwanara kacida bungahna, Hayam nu Jago dingaranan Si Jelug
anu bikang dingaranan Si Kutik. Si Jelug tumuwuh sembada, Jawēr leutik gēplēk dua alur, pamatuk
lencop koneng umyang, bulu hawuk semu beureum hideung herang, dada dangah
tunggir adek ogē siih bentik
rangoas lancip seukeut naker. Ciungwanara talatēn pisan dina ngurus hayamna,
mun poē haneut moyan sok dimandian bari dikojaykeun kalawan dihuapan
bakatul meunang nyanggeum dipeureutkeun dicampuan ku cēngēk asak jeung kulit kacang.
Umur Ciungwanara geus belasan taun, remen iana di bawa nyaba
ka Lumbung wewengkon Kawali nyiar parē jeung ngumpulkeun rahayat nu satia milu ka Gegersuntēn, Upama ka Lumbung Si Jelug tara tinggaleun sok dibawa ku
Ciungwanara dina kisa dikēlēk bari diusapan huluna. Datang ka Lumbung diparab sakebekna
bari dimandian di Sumur Panyipuhan di poyankeun di Pamoyanan wewengkon Ciomas
ayeuna. Tiap lumampah di perjalanan Kibalangantrang sok ngadongēngkeun kajadian anu sabenerna
jeung saha ari Ciungwanara saēstuna.
Ciungwanara beuki ngarti, pamikirana beuki dēwasa, jiwa pangagungna geus mimiti tēēs, balad geus beuki loba nu mukim
di Gegersuntēn,
Balangantrang babak-babak nyieun lembur anyar (katelah lembur Babakan wewengkon
Kaso-Tambaksari) jeung nyiar pilembureun anyar anu dingaranan Kuta,
Balangantrang jeung Ciungwanara ogē Naganingrum pindah ti Gegersunten ka Kampung Kuta, sabab Gegersuntēn dijadikeun tempat balad tentara Ponggawa Balangantrang anu
jumlahna 808 dalapan urang diantarana 200 jawara Cakra trisula asuhan Mas Cokro
ti Dermayu, 200 urang jawara penca bedog Tambak asuhan Ki Raksabaya urang Leles
Garut, 200 jawara Balukbuk (ahli nyamar jeung silat teu makē pakarang asuhan Ki Golok Mērah urang Bahara) 200 jawara
panah asuhan Ki Bangsanaya, 200 urang jawara sumpit asuhan Ki Igud Jarot jawara
turunan Matēnggēng , 4 urang Senapati, 3 urang juru demung jeung saurang
Panglima.
Si
Jelug jeug Si Kutik anak baranakan, mekar tina dua jadi rundayan, hirup
babarengan jeung manusa di abur dipakarangan, nyatuan di panutuan, nyileungleum
dina pago pangirikan. Mun burit nyedek sareupna sok rentul na dahan kai teu
pati kaciri sabab buluna hawuk samar ku poēk. Ngaran Kotok Sentul anu hartina Kotok = samar teu pati katempo alatan poēk jeung warna hawuk, sentul = tina
basa parentul anu hartina cicing cindukul babarengan teu pati katempo atawa
bisa ditotondenkeun kana rupa buah sentul/kacapi anu rupana hawuk. Dina taun
739 Masehi umur Ciungwanara 22 tahun, di puseur dayeuh Galuh keur diayakeun saēmbara
adu hayam, hal ieu ku Ciungwanara jeung Kibalangantrang dimangfaatkeun pikeun
nyerang Karaton Galuh, Ciungwanara mawa Si Jelug keur patandang nyieun jalan pikeun
gugat.
Si
Jelug matandang teu ēlēh jajatēn, anu akhirna tarung jeung hayam raja, Hayam raja ngagolēr paēh nyundut amarah Hariang Banga, anu marēntahkeun nangkep Ciungwanara. Harepan Ciungwanara jadi Kanyataan
bisa padu jeung raja, Ciungwanara ngahiap nyerang karaton, Tamperan jeung
Pangreyep katawan, Hariangbanga dihampura, tapi Hariang Banga ngaloloskeun
Indung jeung Bapana ka Leuweung Cisadap wewengkon Nasol Sadananya. Ciungwanara
murka nepi ka tarungna jeung Hariangbanga, hariangbanga katētēr iana kabur ngētan
ti tatar galuh, Kibangsanaya jeung pasukana ngudag Tamperan jeung Pangreyep ka
Leuweung Cisadap, sabab poē geus
poēk, sangkan teu lolos leuweung
Cisadap di asrek ku panah anu balukarna niwaskeun Tamperan jeung Pangrenyep. Kajadian
ēta nepi ka sanjaya di
Singhosari, Sanjaya nyerang Galuh ku pasukan anu rongkah. Sok sanajan kitu
Kibalangantrang geus ngabadē yēn Sanjaya baris males pati dulurna,
Kibalangantrang jeung pasukana ngahadang bala tentara Singhosari di Patimuan,
anu ngajadikeun perang rongkah. Sengitna perang ēta nepi ka Demunawan Resi ti Sukapura pupuhu Galuh uwana Sanjaya
jeung Adimulya permanadikusumah, akhirna perang bisa dieureunkeun jeung ngajak
dua pihak badami sacara kulawarga.
Duanana
mufakat ngeureunan satru duduluran kalawan ngabagi karajaan jadi dua, Karajaan
Sunda ku Hariangbanga Karajaan Galuh ku Ciungwanara anu watesna Walungan
Cimamali Brebes nepi ka Citarum nu Galuh, Citarum nepi ka Bogor nu Sunda. Sang
Manorah alias Ciungwanara jadi Raja Galuh anu gelarna Prabu Suratama Prabu
Jayaprakasa Mandaleswara Salakabuana ti taun 739 nepi ka taun 783 Masehi, kawin
jeung incuna Demunawan nu ngaran Kancana Wangi ti Sukapura, boga anak awēwē hiji-hijina ngaran Purbasari anu dikawin ku Manistri atawa nu
katelah Lutung Kasarung, numutkeu paparalon parahyangan jeung rundayan Karajaan
Galuh ; Manorah - kencana Wangi bao, jeung Manistri – Purbasari buyutna Sri
baduga Maharaja Prabu Siliwangi anu ngahijikeun Karajaan Sunda jeung galuh jadi
Karajaan Galuh Pakuan Pajajaran di Kawali. (Carita ti alm. Ki Sumardi, 1996
Kuncen Tabet Kinayadipa).
3.
CICIREN WARUGA (KARAHTERISTIK
FENOTIFE) KOTOK SENTUL
Karekter fenotife nyaēta ciri-ciri waruga atawa sifat alamna tina sahiji sato anu
bisa ditalungtik jeung nangtukeun ukuran ogē ditangtukeun bedana jeung nu lian. Karekter fenotife
mangrupa wujud tina sifat genetik ingon-ingon, diantarana ; rupa jeung kelir
bulu, kulit, pamatuk, daging, bentuk awak, jawēr, bulu
jangjang, kamampuhan produksi jeung refroduksi pikeun sato hayam.
(Sidadalog,1990).
Karakter fenotife Kotok Sentul anu ēstu ngabedakeun jeung hayam liana nyaēta rupa bulu anu dominan ku rupa kulawu dina beuheung, dada,
oge jangjang. Kotok Sentul umumna mibanda bulu kulawu anu diwangun ku warna
lian nyusun ēntēpna saperti sisit Oray Naga, sisit suku kulawu, bodas jeung
koneng (Widiastuti,1996) saluyu jeung bewara Natatmaja et,al.2003.
Dumasar kana intensitas warna kulawu jeung kombinasina ku
warna lian, Kotok Sentul jadi lima (lima) golongan nyaēta ; Sentul Batu anu buluna kulawu kolot, Sentul Lebu atawa
Lawu anu buluna hawuk ngora semu bodas, Sentul Jambe anu buluna hawuk borontok,
Sentul Omas anu buluna hawuk campur bulu warna koneng emas jeung Sentul Geni
anu buluna kulawu campur ku rupa beureum seuneu. (Misran, Kuncen Tabet Kitapih
Pasisian, 1985). Saluyu jeung katerangan ti Sartika jeung Iskandar, 2007. Dumasar hasil
panalungtikan Nataamijaya 2005, dikanyahokeun yēn bulu Kotok
Sentul Bikang nu aya di Ciamis leuwih campur rupana dibandingkeun jeung Jagona
(Tabel 1), perbandingana 72% kulawu/hawuk, 24% rupa coklat jeung 4% koneng
emas. Saluyu jeung hasil panalungtikan Iskandar 2004, yen bulu Kotok sentul
bikang campuran rupa kulawu semu hideung kakonengan sarta rupa bodas anu prosēntasena 91 : 3 : 3 : 3. (Tabel 2). Tabel 1. Prosēntase Perbandingan rupa bulu, Pamatuk, jeung sisit cēkēr Kotok sentul.
|
Rupa
Bulu |
Bikang
(%) |
Jago
(%) |
|
Bulu : |
|
|
|
Hideung |
0 |
0 |
|
Koneng gambir |
0 |
0 |
|
Coklat Hideung |
0 |
0 |
|
Kulawu |
72 |
100 |
|
Coklat Kolot |
24 |
0 |
|
Koneng emas |
4 |
0 |
|
|
|
|
|
Pamatuk : |
|
|
|
Hideung |
20 |
10 |
|
Kulawu |
4 |
0 |
|
Bodas |
68,5 |
90 |
|
Bodas semu kulawu |
7,5 |
0 |
|
|
|
|
|
Kulit : |
|
|
|
Bodas |
100 |
100 |
|
Poek |
0 |
0 |
|
|
|
|
|
Sisit Ceker : |
|
|
|
Hideung |
0 |
90 |
|
Kulawu |
37 |
10 |
|
Bodas |
63 |
0 |
(Nataamijaya,
2005)
Upama dibandingkeun jeung Hayam Pelung, atawa jeung hayam
lianna nu aya di Jawa Barat, varēasi rupa bulu
bikang sarua baē (Nataamijaya,
2005) dinyatakeun yēn dina Hayam
Pelung Jago hideung wungkul sedengkeun dina rupa bulu bikang campur anu
perbandinganana 61% hideung, 19% koneng gambir jeung 20% coklat hideung.
Kajadian ēta alatan
populasi hayam bikang leuwih loba ti hayam jago. Ogē kapangurahan ku budaya masyarakat anu mibanda kawijaksanaan
ngingu hayam bikang sabab aya angkeuhan yēn hayam bikang
leuwih produktif ti hayam jago.
Urang Ciamis umumna ngingu Jago Sentul ngan saukur patokan
keur ngajagoan anu diistilahan “Pamacek”, kituna hayam jago lolobana dijual
keur peunciteun. Salain ti ēta hayam jago
di ingu mangrupa karesepan jeung keur aduan, contona ; hayam jago sentul anu kulawu
dianggap ku urang Ciamis mangrupa aslina dumasar kana sajarah jeung dongēng ti karuhuna, alatan ēta teu
sagawayah meuncit hayam jago anu kulawu, aya papagon kolot saperti kieu ; “ulah
mundeskeun puherna bisi katulah, ulah hirup jati kasilih ku junti, mun kapaksa
kudu sanduk-sanduk papalaku uar bēwara ka karuhuna
mēnta idin Nyi Mas
Naganingrum bēbēja ka Raja Suratama Jayaprakasa, muja-muja kanu Kawasa ka
Hyang Tunggal anu nyipta waktu tadi.” (Rancabingung, Ki Agus Sobali
Wijayakusumah, 2011).
Kotok Sentul upama
dibandingkeun jeung hayam liana nu aya di Jawa barat beurat awakna leuwih
pinunjul, ngan aya sahandapeun beurat awak Hayam Pelung (Nataamijaya, 2005). Hayam
sentul mibanda karakteristik (ciri wanci) bentuk awak jeung daging anu bēda ti hayam
liana, utamana dina tekstur jeung rasa.
Tabel 2.
Karakteristik kualitatif Kotok Sentul Bikang sawawa
|
Kalompok
Warna |
Warna
bulu |
Warna
shank |
Bentuk
Jawer |
Pola
bulu |
Herang
Bulu |
|||||
|
ekor |
% |
ekor |
% |
ekor |
% |
ekor |
% |
ekor |
% |
|
|
Kulawu |
27 |
91 |
|
|
|
|
|
|
|
|
|
Kulawu semuhideung |
1 |
3 |
|
|
|
|
|
|
|
|
|
Kulawu semu omas |
1 |
3 |
|
|
|
|
|
|
|
|
|
Kulawu semu bodas |
1 |
3 |
|
|
|
|
|
|
|
|
|
Hideung |
|
|
15 |
50 |
|
|
|
|
|
|
|
Bodas/koneng |
|
|
15 |
50 |
|
|
|
|
|
|
|
tunggal |
|
|
|
|
6 |
20 |
|
|
|
|
|
Kapri |
|
|
|
|
24 |
80 |
|
|
|
|
|
Polos |
|
|
|
|
|
|
25 |
83 |
|
|
|
Lurik |
|
|
|
|
|
|
1 |
3 |
|
|
|
Perak |
|
|
|
|
|
|
|
|
23 |
77 |
|
Omas |
|
|
|
|
|
|
|
|
7 |
23 |
(Iskandar et al, 2004)
Tabel 3. Karakteristik Hayam Sentul
|
Organ
awak |
Jago sawawa |
Bikang
sawawa |
Pustaka |
|
Beurat awak (kg) |
1,96 2,5 2,35 ± 0,0024 2,6 ± 0,20 |
1,58 1,85 1,64 ± 0,0024 1,4 ± 0,12 |
1 3 4 5 |
|
Panjang awak (cm) |
38,6 |
34,5 |
1 |
|
lingkar dada (cm) |
41,2 33,0 |
35,0 31,0 |
1 3 |
|
Panjang Tonggong (cm) |
23,9 10,51 ± 1,16 18 23,43 ± 1,91 |
22,4 9,19 ± 0,93 17 22,87 ± 2,24 |
1 2 3 4 |
|
Panjang jangjang (cm) |
22,9 24,11 ± 1,63 30,5 |
20,5 20,61 ± 1,16 22,0 |
1 2 3 |
|
Panjang Beuheung (cm) |
14,0 18,0 |
12,3 14,0 |
1 3 |
|
Kandel pamatuk (cm) |
1,29 |
0,95 |
1 |
|
Panjang femur (pingping luhur) (cm) |
11,1 11,25 ± 0,77 13,5 |
9,5 9,35 ± 0,489 9,9 |
1 2 3 |
|
Panjang
shank (ceker) (cm) |
12,24 ±
0,84 12,0 4,7 |
9,78 ±
0,54 8,7 2,04 |
2 3 1 |
|
Lingkar
shank (cm) |
5,30 ± 0,52 5,2 |
4,14 ±
0,27 4,3 |
2 3 |
|
Panjang
hulu (mm) |
39,0 |
38,6 |
1 |
|
Lebar
hulu (mm) |
33,4 |
30,3 |
1 |
|
Jangkung
jawer (mm) |
34,9 19,1 ±
1,12 |
17,3 12 7,4 ±
0,34 |
1 2 |
|
Lebar
jawer (mm) |
58,7 |
35,0 |
1 |
|
Kandel
jawer (mm) |
14,4 |
3,9 |
1 |
|
Panjang
dada (cm)
|
13 |
11 |
1 |
|
Panjang
ramo ceker tengah (cm) |
7,32 ±
0,59 |
6,10 ±
0,48 |
2 |
|
Panjang maxilla (cm) |
3,68 ±
0,44 |
3,38 ±
0,26 |
2 |
|
Panjang
pamatuk |
33,4 |
32,2 |
1 |
Sumber: 1: SULANDARI et al. (2006); 2: CANDRAWATI, (2007);
3: ISKANDAR et al. (2004); 4:
NATAAMIJAYA (2005); 5: NURHAYATI (2001)
Tina
tabel 3, kaistrēnan yen beurat awak jeung panjangna rupa-rupa, tapi sok sanajan
kitu teu jauh bedana. Hal ieu nandeskeun yēn Hayam Sentul di daērah asalna
(Ciamis) mibanda sarupaning karakteristik anu kuantitatif jeung perbēdaan anu
rangēm. Hal iau ngajadi alatan kawin silang diantara rumpun kotok sentul anu
teu di atur dumasar rumpuna.
Hayam Sentul mangrupa salah sahiji
golongan hayam aduan, tapi kiwari karakter aduna beuki leungit anu disababkeun
ku pola pamiaraana teu hususon pikeun adu tapi lewih condong keur dagingkeuneun
ogē geus dibatesna budaya ngadu hayam. Sabab
kiwari ngadu hayam di lingkungan masyarakat geus jadi salah sahiji kagiatan
ilegal anu ngabalukarkeun kamudarotan jeung ngarempak papagon agama. Pamarēntah
geus ngaluarkeun Peraturan No. 9 Tahun 1981 anu ngalarang sagala bentuk ngadu,
kaasup dijerona ngadu hayam.
4.
KABUTUHAN NUTRISI
HAYAM SENTUL
Hayam
Sentul lain hayam pintonan sora, sabab kongkorongokna teu panjang jeung teu
mibanda padalisan ogē teu mibanda langgam. Kituna teu merlukeun nutrisi sangkan
kongkorongokna hadē. Rekomendasi kandungan nutrisi metabolisme rangsum hayam
sentul nyaēta 13% protēin kasar jeung 2.750 kkal EM/kg (Widjastuti, 1996),
imbangan energi metabolisme jeung protein ēta baris ningkatkeun kamampuhan
produksi hayam sentul anu maximal dina umur tumuwuh. Dina fase (jarak waktu)
ngendog umur hayam leuwih ti 22 minggu perlu 15% protein kasar jeung 2.750 kkal
EM/kg (Widjatuti, 1996).
Geus
dilaksanakeun panalungtikan preferensi hayam sentul ngeunaan bahan parab jeung
sabara loba kabutuhan nutrisina. Baranghakan hayam sentul sapopoēna keur hayam
sawawa anu umurna leuwih ti 42 minggu butuh 100 gram anu ngandung 9,94 protein
kasar jeung energi metabolismena 2,729 kkal (Nataamijaya, et.al. 1995).
Preferensi hayam sentul sawawa pikeun bahan parabna anu dipikaponyo nyaēta ;
jagong, gabah, huut, bungkil kedelē, jeung tipung lauk dina wujud granul
tibatan tipung (Nataamijaya, 1995). Tabel 4.
Baranghakan sapopoē tina sababaraha bahan parab anu disadiakeun ku cara
parasmanan dumasar kana gizi anu diperlukeun dina sapoēna.
|
Bahan parab(gram) |
Jenis Hayam Kampung |
||||||
|
Sentul |
Pelung |
wareng |
Kedu hideung |
Kedu bodas |
gaok |
Nunukan |
|
|
Jagong |
42,3 |
|
|
|
|
|
|
|
Gabah |
26,44 |
|
|
|
|
|
|
|
Huut |
27,10 |
|
|
|
|
|
|
|
Bohono |
0,70 |
|
|
|
|
|
|
|
Tipung lauk |
0,58 |
|
|
|
|
|
|
|
Jumlah |
100,00 |
|
|
|
|
|
|
|
Protein kasar |
9,94 |
|
|
|
|
|
|
|
Energi mtbls |
272,98 |
|
|
|
|
|
|
|
Serat kasar |
3,60 |
|
|
|
|
|
|
|
lemak |
5,62 |
|
|
|
|
|
|
|
kalsium |
1,17 |
|
|
|
|
|
|
Sumber: NATAAMIJAYA
et al. (1995)
5.
PRODUKTIFITAS
HAYAM SENTUL
Tingkat produktifitas ingon-ingon,
katohyan tina kamampuhan tumuwuhna sarta tina cepet jeung lobana anak
baranakan. Ukuran produktifitas hayam kaukur tina cepetna tumuwuh dumasar kana
beurat awak dibandingkeun jeung umurna. Cicirēn liana nyaēta jumlah anak
baranakan (refroduksi) endog anu dihasilkeun dina jarak waktu anu ditangtukeun.
Pikeun
ngukur refroduksi hayam sentul, Susanti et. al. 2009 ngalaporkeun yēn beurat
megar Ciak (DOC) hayam sentul beuratna 32,2 gram leuwih beurat ti hayam kampung
liana saperti hayam kedu bodas 26,2 gram, kedu hideung 27,6 gram jeung hayam
pelung 29,6 gram ( Crsswell jeung Gunawan, 1982).
Tumuwuhna
hayam sentul saperti dina gambar 6, beuratna awak hayam sentul dina umur
saminggu nepi ka umur 6 minggu kaitung rada telat dibanding tina umur 7 nepi ka
12 minggu anu leuwih cepet (Susanti et al, 2009) ogē Creswell jeung Gunawan
1982 nganyatakeun yēn tumuwuhna DOC tina umu 1 nepi ka 6 minggu hayam sentul
leuwih telat tibatan hayam kampung liana ngan saterusna ngabeuratan awakna ti
umur 7 minggu kaitung luhur nyaēta 70,30 nepi ka 16,87 gram dina sapoēna.
Tingkat
produksi hayam sentul ogē pinunjul dina waku mangsa ngendog (20 nepi ka 35 poē)
mampuh ngahasilkeun endog 10 – 18 endog (Nataamijaya et al.1994) atawa 12 – 30
endog (Sulandari et al, 2007) atawa 28 – 35 endog (Yanto Suprianto, 2014) anu
kamampuan megarna 90% (Sulandari et al,2007). Prosentase megarna endog hayam
sentul leuwih pinunjul ti hayam kampung liana anu perbandingana 80,3% tibatan hayam kampung sējēn anu dikukut
intensif (Sinurat et al, 1992) saluyu jeung laporan (Dwiyanto 1996).
Dumasar
kana pangalaman peternak ogē katerangan Edi Diana, 2010 dina umur sapuluh
minggu beurat awak hayam sentul mampuh nepi ka sakilogram, upama racikan parab
saluyu jeung kabutuhan nutrisina (trobos, 2010) kituna hayam sentul leuwih
prosfektif dibudidayakeun pikeun peternakan rakyat anu ngahasilkeun daging
jeung endog (Sulandari, et al, 2007).
Galur
ngendog hayam sentul numutkeun laporan Nurhayati, (2001) upama miara ku cara
tradisional saperti kieu ; hayam sentul ngendog dina waktu 21 ± 3 poē. Dina
selang waktu ēta ngahasilkeun 17±1 endog. Saterusna nyileungleum salila 21 poē.
Tabel 5. Beurat hirup hayam sentul
dibandingkeun jeung hayam kampung liana
|
Umur |
Hayam Sentul (gram) |
Hayam Kampung lian. 4) |
|
Sapoē |
32,2 |
26,2 |
|
28 poē |
138,4 |
164,0 |
|
56 poē |
528,4 |
553,0 |
|
84 poē |
884,2 |
602,0 |
Sumber: 1)SUSANTI
et al. (2009); 2)CRESWELL dan
GUNAWAN (1982)
Gambar 6. Grafik tumuwuhna Hayam
Sentul.

Sumber: SUSANTI
et al. (2009)
Megarna
hayam sentul ku cara alami nyaeta 88,22 ± 10,2%, saterusna ngasuh ciak salila
60 poē. Sabada ngasuh ngareueuh pikeun ngendog deui salila 12 ± 1,5 poē anu
disebut arang-arang, saterusna ngendog deui sakumaha disebut diluhur
tadi.(Nataatmijaya et al, 1994). Disebutkeun yēn reureuhna hayam sentul ti
ngendog ka ngendog, upama dibandingkeun jeung hayam kampung liana, hayam sentul
mibanda waktu reureuh ngendog anu pondok. Upama dipiara makē pola intensif
hayam sentul mampuh ngendog anu tingkat prosentase (henday) 57,14% jauh leuwih
cepet tibatan hayam kampung sejena ( 17% henday). (Nataamijaya, 2004).(Gunawan et al, 2004).
Nataamijaya
et al, 2004 ngalaporkeun yēn kualitas semēn Hayam sentul leuwih hadē tibatan
hayam lian. Dina ngingu hayam, kualitas semēn ditangtukeun ku (1) genetik,
(2)Rumpun bangsa, (3) parab.
(Gilbert, 1997 jeung Kismiati, 1997) negeskeun
yēn parab utamana imbangan protein jeung energi nangtukeun kualitas semēn anu
dihasilkeun ku hayam. Nilai volumen semēn hayam sentul nyaeta 0,25 – 0,33 mili,
leuwih luhur ti hayam lian anu ngan saukur 0,22 mili, tapi sahandapeun hayam
arab anu polumena 1,26 mili. Atawa hayam ras anu polumena 0,5 – 1,0 mili
(Nataamijaya et al, 2003) ( Sturky jeung Opel, 1975).
Volumen
hayam sentul masih aya dina ukuran normal,(Sturky, 1976 dina Kismiati, 1997)
antara 0,11 – 1 mili. Dina sato hayam volume semen dipangaruhan ku faktor
rumpun bangsa, umur jeung parab anu dihakana (Struky, 1976). Oge dipangaruhan
ku ukuran awak, nutrisi parab, jeung faktor liana saperti iklim jeung
patempatan (toelihere,1985 ; Watson, 1978 ; Sturky dina Kismiati,
1997).Motilitas semēn hayam sentul 71,9% (tabel 7) leuwih hade tibatan hayam
pelung (Nataamijaya et al, 2003).
Tabel 7. Polah (kinerja) reproduksi
Hayam Sentul.
|
Nilai Polah (
Kinerja ) |
Parameter Nilai
/ Katerangan |
|
Beurat awak (kg) |
2,215 |
|
Produksi endog dina satahun (siki) |
118-138 |
|
Produksi endog dina waktu ngendog % |
32,41 ± 8,86 |
|
Umur munggaran ngendog (bulan) |
3,5 |
|
Beurat endog (gram) |
38,3 |
|
Indeks endog (%) |
0,78 ± 0,12 |
|
Volume semēn (mili) |
0,33 |
|
pH semēn (mili) |
7,42 |
|
|
|
|
Kulaitas Sperma : |
|
|
Konsentrasi sperma total (juta per mili) |
3.031,4 |
|
Motilitas sperma (%) |
71,95 |
|
Periode ferfil sperma (poē) |
14,4 |
|
Polume per ejakulasi (mili) |
0,25 ± 0,04 |
|
Rupa sperma |
Bodas susu |
|
Kentel Sperma |
Kentel |
|
Rapet sperma |
DensumƄ) |
|
Gerak massa |
+++:) |
|
Motilitas |
3,53 ± 0,52ď |
|
Sperma anu paēh |
26,32 ± 1,10 |
*) indek endog
dipangaruhan ku genetik, rumpun bangsa jeung proses ngajadina endog (Romanoff
jeung Ivanov, 1963)
*) Densum hartina
karapetan sēl spērmatozoa anu alus
*) +++ nyaēta gerak
massa anu mibanda motilitas luhur nilaina 4
Sumber: 1)SOEPARNA et al. (2005); 2)SULANDARI et al. (2006); 3)NATAMIJAYA et al. (2003).
Partodihardjo,
1982 nganyatakeun yēn ; konsentrasi sperma gumantung kana umur, beurat awak
jeung prekuensi panampungan. Gilbert 1980, ngalaporkeun yēn konsentrasi sperma
salah sahiji ciri wanci turunan, hal ieu nujukeun faktor genetik hayam sentul
anu mibanda kualitas hadē. Konsentrasi semēn hayam umumna aya dina anceran 0,05
– 6,10 sp/ml (Nalbanov, 1990) sedengkeun ph-na antara 8,5 – 9 (Hardianto,
1993), Junanto et al, 2002 nganyatakeun yēn daya hirup semēn nepi ka 102 menit
diluareun awak dina suhu ruangan anu disaluyukeun jeung liang vagina, hubungan
dadasar kandang (litter/cages) jeung hasil pamegaran endog dikanyahokeun
mibanda hubungan anu raket (Widjastuti,1999) oge raket pangaruhna jeung nilai
fertilitas sarta daya megar endog, fertilitas hayam sentul leuwih onjoy upama
dipiara make sistim cages dibanding sistim litter (Widjastuti,1999). Beurat
endog hayam sentul nyaēta 43,87 ± 1,25 gram, sedengkeun fertilitas jeung daya
megarna 80,40 – 78,20 % (Nataamijaya,1994). Hasil megarna hayam sentul
dipangaruhan ku imbangan energi metabolisme jeung protein rangsum, nyaēta 2750
kkal EM/kg jeung 15% PK (Nataamijaya, 1994).
6.
KUALITAS ENDOG
HAYAM SENTUL
Hayam
Sentul Bikang sawawa mibanda beurat awak 1850 gram ± 288 gram (Iskandar et al,
2004) leuwih luhur ti beurat awak hayam arab bikang perak sawawa (850 – 1800
gram) mibanda kualitas anu pinunjul dibanding hayam kampung lian, mibanda rupa
coklat ngora sahandapeun rupa hayam kampung anu diabur.
Tabel 8,
Karakteristik endog Hayam Sentul
|
Parameter |
Nilai |
|
Warna Kerabang
(cangkang endog) |
Bodas Coklat
ngora |
|
Bobot endog (g) |
38,34 ± 0,54 |
|
Bobot endog
periode awal (g) |
27,30 ± 9,40 |
|
Fertilitas (%) |
73,76 ± 3,47 |
|
Daya megar (%) |
73,62 ± 4,11 |
|
Tinggi albumin
(g) |
6,91 ± 1,41 |
|
Bobot kokoneng
endog (g) |
10,01 ± 0,72 |
|
Bobot albumin
(g) |
14,73 ± 3,01 |
|
Warna koneng
endog |
10,01 ± 0,72 |
|
Haugh unit grade |
90,05 ± 1,05 (AA2) |
Sumber: NATAAMIJAYA et al. (2003)
7.
HUBUNGAN GENETIK HAYAM
SENTUL JEUNG HAYAM KAMPUNG LIANA
Dumasar
kana sajarahna, Hayam Sentul sarua bae jeung hayam kampung liana, anu mangrupa
turunan ti hayam Gallus Galius (Hayam Leuweung Beureum) anu geus ngalaman
proses domestikasi (Thimanni 1968 dina Kingston 1979). Nataamijaya (2000)
nandeskeun yēn di Indonesia aya 32 Breed hayam lokal anu bēda dumasar kana
wanda fenotife-na, beda fenotife ieu balukar ayana diferensiasi genetik tina
salah sahiji populasi anu nyababkeun migrasi demografi (Sartika et al, 2004). Numutkeun
Sartika et al, 2004, dikanyahokeun yēn hayam lokal mibanda karageman anu jauh,
tina hasil panalungtikan hayam sentul, hayam pelung, hayam kedu hideung, asalna
ti turunan anu sarua. Sedengkeun hayam White Leghorn beda turunan.
Tabel 9. Matrik
jarak genetik antara Hayam Sentul jeung hayam lian
|
Jenis Hayam |
Kampung |
Pelung |
Sentul |
Kedu hideung |
White Leghorn |
|
Kampung |
0,000 |
1 |
ns |
1 |
1 |
|
Pelung |
0,068 |
0,000 |
1 |
1 |
ns |
|
Sentul |
0,031 |
0,069 |
0,000 |
1 |
1 |
|
Kedu Hideung |
0,044 |
0,070 |
0,062 |
0,000 |
1 |
|
White Lenghorn |
0,471 |
0,431 |
0,457 |
0,445 |
0,000 |
Uji statistika
dumasar kana metode REML (Restricted
Maximum Likelihood Estimation) jeung selang kapercayaan 96%
Sumber: SARTIKA et al. (2004)
Hayam
lokal ngan saukur bēda wanda fenotipe-na, sedengkeun dumasar kana genetikna
masih perlu pinilih sangkan kapibanda breed hayam lokal anu pasini.
Dikanyahokeun dina tabel 9, yēn hayam sentul mibanda wanda turunan anu deukeut
jeung hayam kampung lian, ngan jeung hayam kedu hideung ogē white lenghorn
kacida bedana (Sartika et al, 2004).
8.
NGEMBNGKEUN HAYAM
SENTUL DI PASUNDAN (JAWA BARAT)
Iskandar
et al, (2004) ngayatakeun yēn Hayam Sentul geus dipromosikeun ku pihak Dinas
Peternakan kabupaten Ciamis ti awal tahun 1990-han, dina waktu harita Hayam
Sentul dipromosikeun ku cara anu gemet kalawan dibantu ku Direktorat Jenderal Peternakan
jeung Kesehatan Hewan Kementerian Pertanian RI, sarta Dinas Peternakan Provinsi
Jawa Barat. Ku ayana hal ēta babari
dikanyahokeuna ku balarēa, ngan rahayat leuwih apal ku ngaran Buras (Bukan Ras)
(Iskandar, 1993). Sentra hayam sentul di Ciamis waktu harita (tahun 1990-han) nyaēta
Dēsa Gunung Cupu Kacamatan Cikonēng, Kacamatan Cisaga jeung Kacamatan
Cijeungjing. Hayam Sentul geus dianggap hayam pinunjul tibatan hayam kampung
lian (Iskandar et al, 2004) tina Hasil Pengamatan Cepat (RRA, Rapid Rural
Appraisal) nandakeun yēn populasi hayam sentul kacida telatna, kaistrēnan kaayaana
baris sirna upama teu diupayakeun hiji angkeuhan sangkan mustari anu
sahadē-hadēna.(Iskandar, 2004). Sadar kana hal ēta, kiwari hayam sentul
meunang perhatian ti pihak pamarentah satempat. Hayam Sentul kiwari keur
dimekarkeun lain ngan saukur ku Dinas Peternakan Ciamis baē, tapi ku Dinas
Peternakan Provinsi Jawa Barat. Balai Pengembangan Pembibitan Ternak Unggas
(BPPTU) Jatiwangi-Majalengka, Unit Pelaksana Teknis Dinas Peternakan Jawa Barat
wangkid ieu keur mekarkeun unggas plasma nutfah asli Jawa Barat anu dijerona
kaasup mekarkeun Hayam Sentul (Pikiran Rakyat, 2010). Balai Penelitian Ternak
(Balitnak) Ciawi-Bogor ogē kiwari terus upaya ngamurnikeun genetik Hayam Sentul
anu tujuana ngawujudkeun Hayam sentul daging jeung Hayam Sentul endog anu
pinunjul (Susanti, 2009).
9.
NGABIBITKEUN
HAYAM SENTUL
Dina
upaya mekarkeun hayam lokal, sarta pikeun ngajaga kalumangsunganana, Pamarentah
ngaliwatan Peraturan Menteri Pertanian
Nomer ; 49/permentan/OT.140/10/2006 ngaluarkeun padoman pikeun mekarkeun bibit
hayam lokal kaasup salah sahijina Hayam Sentul, diantarana sababaraha padoman
pikeun mekarkeun hayam sentul ;
Bibit ;
Bibit hayam
sentul anu dipiara kudu bebas tina hama panyakit sato anu nular anu baris
ngabalukarkeun panyakit ka hayam lian atawa panyakit anu diturunkeuna. Bibit
Hayam Sentul anu dikukut kudu hayam sentul tulen ti daerah asalna, ngawinkeun
hayam sentul jeung hayam galur lian dimeunangkeun upama dibimbing ku intansi
teknis widang peternakan jeung kasehatan hewan. Syarat teknis bibit hayam
sentul dumasar kana Peraturan Menteri pertanian Republik Indonesia tahun 2006
nyaēta ;
1.
Bibit hayam baris sehat, teu cacad, bentuk jeung rupa anu ragem
sarta dikanyahokeun turunan indung hayam anu sehat.
2.
Fisik hayam ; warna bulu hayam sentul bikang kulawu polos,
jago kulawu polos jeung kulawu beureum
oge kulawu omas, ceker umumna kulawu semu bodas kitu deui kulitna, anu bentuk
awakna lonyod.
3.
Bentuk suku basajan sakumaha ilaharna suku hayam, jawer hayam jago
sentul beureum anu ukurana sedeng (butter cup) kitu deui keur bikangna ngan
ukurana leuwih leutik, kulit rupa beureum asak seger jeung pialna ogē beureum.
4.
Upama dipiara ku cara intensif beurat awak jago 2,2 kg jeung
bikangna 1,6 kg, bikang munggaran ngendog dina umur 105 nepi ka 135 poē anu
beurat endogna 41 gram jeung upama geus megar beurat ciak (DOC) 30 gram. Upama
dirata-ratakeun jumlah produksi endog 100 – 150 siki dina satahuna (41%).
Cara nyungsi / nyieun bibit Hayam Sentul
Milih bikang jeung pamacek
Pikeun nyangking bibit anu pinunjul,
kudu dumasar kana katangtuan bibit unggul, nyaeta turunan anu produktifitas
jeung fertilitasna luhur. Megarna endog oge alus jeung umur bikangna paling
henteu 5 bulan kalawan jagona 8 bulan. Wanda hayam pinunjul keur pibibiteun
diantarana ; wujud hulu badis hulu oray, matana herang bari rada ngelok kajero
tur wujud awakna boyoko kalayan capit hurangna kurang ti 3 cm pikeun bikangna
kitu deui keur pamacekna, bentuk awakna dangah, capit hurang ampir adek.
Parab jeung Obat Kasehatan hewan (Keswan)
Parab anu digunakeun kudu saluyu
jeung kabutuhan minimal gizi hayam lokal ogē teu menang ngagunakeun parab kurut
boh ti pakandagngan bibit kitu deui sabalikna, utamana parab ti kandang bibit
teu meunang dikaluarkeun deui ti pakandangan. Obat sato anu digunakeun saperti
premik, farmasik nyaeta rupa obat-obatan anu geus kadaftar jeung geus mibanda
nomer daftar obat sato hayam, dina ngagunakeuna baris dumasar hasil
panalungtikan (diagnosa) dokter hewan anu saluyu jeung katangtuan.
Parab
Ngagunakeun parab
jeung racikana dumasar kana Peraturan Menteri Pertanian RI tahun 2006, nyaeta ;
1.
Anak hayam umur < 3 minggu dibere parab anu kandungan nutrisi;
energi 2900 kkal ME/kg ransum,protein kasar 21%, kalsium (Ca) 1%, fosfor
(P)0,7%, asam amino lisin 0,9 jeung asam aminometionin 0,4.
2.
Umur 3 - 6 minggu dibere parab anu kandungan nutrisi: energi 2900
kkal ME/kg ransum, protein kasar 19%, kalsium (Ca) 1%, fosfor (P)0,7%, asam
amino lisin 0,9 jeung asam amino metionin 0,4.
3.
Umur 6 - 18 minggu bisa dibere parab anu kandungan nutrisi: energi
2700 kkal ME/kgransum, protein kasar 17%, kalsium (Ca) 1%, fosfor(P) 0,6%, asam
amino lisin 0,9 jeung asam aminometionin
0,4.
4.
Umur > 18 minggu bisa dibere parab anu kandungan nutrisi:
energi 2750 kkal ME/kg ransum,protein kasar 15%, kalsium (Ca) 2,5%, fosfor
(P)0,7%, asam amino lisin 0,9 jeung asam aminometionin 0,4.
5.
Kandungan aflatoksin parab teu meunang leuwih ti 20 ppb.jeung
pawab dibikeun dina bentuk lemes / tipung (mash) atawa pellet.
Kasehatan
Hewan (Keswan)
Kandang
bibit hayam sentul kudu make pola jeung kontruksi anu dirancang sahade-hadena
sangkan teu babari dipake nyayang sato lian jeung teu gampang kaeunteupan bibit
panyakit. Kabersihan jeung kasucian kandang tina panyakit kudu dijaga salawasna
ku cara kandang dikosongkeun terus disemprot ku desinfektan jeung obat anu bisa
ngabasmi unen-unen saperti sireum, cucunguk jeung rea deui rupana. Hal ēta
baris dilaksanakeu palinghenteu dua minggu samēmēh kandang dieusian. Kitu deui
sing saha baē anu asup ka kandang boh kandaraan, alat, jeung barang sējēna kudu
beresih ku cara dikumbah disinfektan.
Vaksinasi
hayam tina sagala panyakit anu nular kudu dijadwal dumasar kana anjuran jeung
hasil titēnan dokter hewan, vaksinasi wajib dilaksanakeun pikeun nyegah
panyakit tetelo / Newcastle Desease (ND), Ngorok / Infektious Bronchitis (IB)
atawa telih meuting disebut Insfetious Bursal Disease (IBD) jeung Coriza, Avian
Influenza (AI) mangrupa virus H5N1 jeung H7N9.
Upama
kajadian dipakandangan, wajib sacepetna laporan kanu mibanda katangtuan jeung
kawenangan ogē hayam anu kaserang teu meunang dibawa kaluar pakandangan tapi
kudu diduruk atawa dikubur sing buni.
Kandang jeung
Kalengkepana
Kandang anu ngagunakeun sistim litter pikeun
hayam <3 minggu baris manjing keur 40 ciak dina sameterna, umur hayam 3 – 6
minggu manjing keur 20 ciak dina sameterna, sedengkeun keur umur hayam >14
minggu merlukeun lega kandang anu manjing keur 6 hayam dina sameterna. Kandang
oge baris dijieun tina bahan material anu babari dibereiskeun jeung
disucikeuna, kitu deui pikeun wadah parab jeung wadah cai nginumna kudu tina
bahan anu teu babari taihiyangan atawa karahaan, ukuran jeung bentukna oge kudu
saringset sarta diteundeun anu babari keur hayam, babari dipindahkeuna oge
babari diberesihana. Sasarap kandang baris garing kitu deui sayang pangendogan
jeung cahaya anu asup kudu rata. Upama ngagunakeun pamanas kudu maranti ulah
ditukar-tukeur jeung kandang lian.
Biosecuriti
Biosecuriti nyaeta tata laku jeung
kibiasaan anu baris dilakukeun pikeun ngajaga kasehatan nu ingon-ingon, kandang
jeung ingon-ingona, hal ieu kacida pentingna pikeun kasalametan nu aya
disabudeureun pakandangan. Gambaran biosecuriti saperti kieu ; pakandangan
dipager sabudeureuna anu jarakna paling henteu 2 meter tina kandang anu maksud
jeung tujuana nyaeta teu gampang asupna sato lian jeung aya antara pikeun
pakandangan, anu asup ka pakandangan baris idzin heula sarta ngagunakeun pakean
anu disadiakeun pikeun asup ka jero kandang anu samēmēhna kukumbah ku
disinfektan jeung teu meunang mawa Barang
lian anu teu dikumbah heula ku disinfektan anu dosisna 1-3 ppm. Atawa sing saha
baē anu
asup kudu ngaliwatan ruangan sterililasi tur disemprot ku diinfektan
sapuratina.
Refroduksi
(Kawin Hayam)
Refroduksi dina mekarkeun hayam
sentul bisa dilaksanakeun ku cara kawin alam atawa di-IB (inseminasi Buatan).
Pikeun kawin hayam ku cara alam perbandingana antara 1 pamacek 4 bikang atawa
paling loba 1 pamacek 5 bikang, pikeun cara IB sangkan nyangking fertilitas anu
luhur alusna dilakukeun dina waktu burit sabada hayam ngendog.
Nitenan
endog pegarkeuneun jeung pamegaran
Dina ngaropēa endog hayam sentul anu bakal dipegarkeun jeung pamegarana
samistina aya sababaraha hal anu baris dilaksanakeun, nyaēta ;
1.
Endog anu bakal dipegarkeun teu meunang endog
anu geus leuwih ti genep poē lilana dina sayang.
2.
Samēmēh dipegarkeun kudu dipilih endog
anu beuratna paling henteu 37 gram, wujudna lonyod jeung cangkangna alus teu
rengat ogē
lemes kaayaanana.
3.
Samēmēh diasupkeun kana mesin pamegaran
kudu diteundeun dina wadah anu suhuna 22 – 25 darajat celcius.
4.
Samēmēh endog diasupkeun kana
pamegaran, paling henteu pamegaran geus dihirupan 2 jam Samēmēhna
dina suhu 35 darajat celcius, saterusna endog diasupkeun kana pamegaran anu
suhuna 35 darajat celcius salila 4 poe saterusna panteng dina suhu 38 – 39 darajat
nepika endog hayam megar.
Ngaropēa
Ciak (DOC) jeung sabadana
Dina ngaropēa ciak dina hasil ngabibitkeun,
hadēna
dilaksanakeun hal saperti dihandap ieu ;
1.
Anak hayam baris dikaluarkeun tina pamegaran
upama bulu kumuutna geus garing, anak hayam disungsi dumasar beurat awakna.
Anak hayam anu teu manjing katangtuan beuwat kudu dipisahkeun anu satarusna
ngalaksanakeun metoda sexing (milah jago jeung bikang) ku cara muka kloaka,
sora jeung bulu).
2.
Anak hayam anu dikauarkeun kudu di vaksin
paling henteu dina umu 4 poē, ogē dibarengan ku catetan atawa jadwal vaksinasi, merek
vaksin, jeung pangropēa seterusna.
Sabada/Pasca DOC pikeun hayam sentul, estuna
dilaksanakeun hal saperti kieu ;
1.
Ngaluarkeun DOC pikeun bibit hadēna
umur 6 minggu, sangkan geus atra jago atawa bikangna, saterusna ogē kudu
dipiara dina kandang gaganti indungna anu suhu jeung kaayaan disaluyukeun jeung
indungna, salain ti ēta pasilitas sejena baris manjing kagenahan keur anak
hayam.
2.
Tiap poē kudu dicatet sagala rupana
sangkan bibit nu dicangking mibanda data anu nandeskeun pola pamiaraan, katowēksaan
jeung katalētanan
anu nentra. (recording).
3.
Dina hal ieu nyungsi (culling) anak hayam
baris kalaksanakeun dina sapopoēna dumasar kana tumuwuhna anak hayam nu dipiara di
pakandangan.
KASIMPULAN
Dumasar kana pinunjulna hayam sentul utamana dina
produksi daging jeung endog, kaistrēnan yēn
hayam sentul mibanda performans anu kacida hadēna tur leuwih pinunjul ti hayam
kampung lianna. Ku sabab ēta, Hayam Sentul kacida alusna upama dimanfaatkeun
keur ngahasilkeun endog jeung daging. Hanjakal hayam sentul tinggal saeutik,
nungtut upaya mekarkeun anu intensif sangkan mustari jeung kaala hasilna.
Ngukut hayam sentul parok upama dipakē
pikeun paternakan rahayat sangkan mekarna nutfah asli Ciamis ogē
kagali potēnsina
tur kacangking mangfaatna kubalarēa.
Utamana keur urang tatar galuh, kudu
nyaring ēling
ka diri, ulah jati kasilih ku junti, istrēnan jati nagari, pusti-pusti ciri pasini Ciamis, galur
titingal karuhun, guar pusaka
Ciungwanara, pengkuh ka galuh –
ngagaleuh dina taneuh - tumitip dina galih. Hayam Sentul turunan Si
Jelug, raja pagedug jayaprakasa sangkan
adag-adag dibuana. Rampes ...
DAFTAR PUSTAKA
CANDRAWATI, V.Y. 2007.
Studi Ukuran dan Bentuk Tubuh Ayam Kampung, Ayam Sentul dan Ayam Wareng
Tangerang Melalui
Analisis Komponen Utama. Skripsi. Program Studi Teknologi Produksi Ternak
Fakultas Peternakan Institut Pertanian Bogor, Bogor.
78 hlm.
CRESWELL, D.C. dan B. GUNAWAN. 1982.
Pertumbuhanbadan dan produksi telur 5 strain ayam sayur pada
sistem peternakan
intensif. Pros. Seminar Penelitian Peternakan. Cisarua, Bogor, 8 – 11 Februari
1982.
Puslitbang
Peternakan, Bogor. hlm. 236 – 240.
DIWYANTO, K., D. ZAINUDDIN, T. SARTIKA, S. RAHAYU, DJUFRI, C. ARIFIN dan CHOLIL. 1996. Model
Pengembangan Peternakan Rakyat Terpadu Berorientasi Agribisnis. Komoditi Ternak
Ayam Buras. Laporan kerjasama Direktorat Jendral Peternakan dengan Balitnak.
GILBERT, A. B. 1980.
Poultry. In: Reproduction in
farm animals. 4th
Ed.
HAFEZ, E.S.E. (Ed).
Lea and Febiger,
Philadelphia. pp.
423 – 446.
GUNAWAN, B., D. ZAINUDDIN, S. ISKANDAR, H. RESNAWATI dan E. JUARINI, 2004.
Pembentukan Ayam Lokal
Petelur Unggul.
Laporan Penelitian Ternak Unggas APBN 2003. Balitnak, Bogor. hlm. 47 – 65.
HARDIYANTO. 1993. Pengaruh
semen ayam segar maupun setelah diencerkan dan disimpan melalui
inseminasibuatan terhadap fertilitas dan kematian embrio telur ayam kampung. J.
Ilmiah Ilmu-Ilmu Peternakan 3(4) : 47 – 56.
HUTT, F.B. 1949.
Genetics of the Fowl. McGraw-hill book, Inc. New York, Toronto, London. 590 p.
ISKANDAR, S. dan T. SUSANTI. 2007. Karakter
dan manfaat ayam pelung di Indonesia. Wartazoa 17(3): 128 –136.
ISKANDAR, S., A.R. SETIOKO, S. SOPIYANA, Y. SAEFUDIN, T. SARTIKA, E. WAHYU, R. HERNAWATI dan E. MARDIAH. 2005.
Konservasi in-situ ayam Pelung,
ayam Sentul, dan ayam Kedu, dan karakterisasi sifat kuantitatif dan kualitatif
ayam Sedayu, Wareng, dan Ciparage. Kumpulan Hasil-Hasil Kegiatan Penelitian
APBN Tahun 2004. Balai Penelitian Ternak, Ciawi, Bogor.
hlm. 23 – 48.
ISKANDAR, S., A.R. SETIOKO, S.SOPIYANA, Y. SAEFUDIN, SUHARTO dan W. DIEDJOPRATONO. 2004.
Keberadaan dan karakter ayam Pelung, Kedu dan Sentul di lokasi asal. Pros.
Seminar Nasional Klinik Terknologi Pertanian Sebagai Basis Pertumbuhan Usaha
Agribisnis Menuju Petani Nelayan Mandiri. Menado 9 – 10 Juni 2004. Puslitbang
Sosial Ekonomi Pertanian, Bogor. hlm. 1021 – 1033.
ISKANDAR. 2007. Gambar
Jenis-Jenis ayam Sentul. In:
Mengenal Plasma Nutfah ayam Indonesia dan Pemanfaatannya. DIWYANTO, K. (Ed.). Balai
Penelitian Ternak, Bogor. hlm. 94 – 96.
ISKANDAR. S, S. SASTRODIHARDJO, E. BASUNO, B. WIBOWO, SUDRADJAT, A. NUGRAHA dan A. RAHMAT. 1993.
Inseminasi buatan pada usaha pembibitan ayam buras kelompok tani di Desa Gunung
Cupu, Kabupaten Ciamis. Pros. Pengolahan dan Komunikasi Hasil- Hasil Penelitian
Peternakan di Pedesaan. Ciamis, 27 –29 Januari 1993. Balai Penelitian Ternak,
Ciawi, Bogor. hlm. 40 – 44.
JUNIANTO, L., B. SUTIONO dan S. KISMIATI. 2002. Pengaruh
pengenceran semen dengan berbagai kuning telur unggas terhadap motilitas dan
daya hidup sperma ayam Kampung. J. Trop. Anim. Dev. 27(1): 30 – 35.
KINGSTON, D.J. 1979.
Peranan ayam berkeliaran di Indonesia. Laporan Seminar Ilmu dan Industri
Perunggasan II. Ciawi, Bogor 21 – 23 Mei 1979. Puslitbang Peternakan, Bogor.
hlm. 13 – 29.
KISMIATI, S. 1997.
Pengaruh Interval Inseminasi Terhadap Performan Reproduksi dan Heritabilitas
Pertumbuhan
Ayam Kedu Hitam. Tesis.
Program Pascasarjana Universitas Gadjah Mada, Yogyakarta. 96 hlm.
MANSJOER SS. 1985.
Pengkajian sifat-sifat produksi ayam kampung serta persilangannya dengan ayam
Rhode Island Red. Disertasi. Program Pascasarjana Institut Pertanian Bogor,
Bogor.
NALBANDOV, A.V. 1990.
Fisiologi Reproduksi pada Mamalia dan Unggas Cetakan I. Diterjemahkan oleh: KEMAN, S. Universitas Indonesia Press, Jakarta. 378
hlm.
NATAAMIJAYA, A.G. 2000. The
native of chiken of Indonesia. Bull. Plasma Nutfah 6(1): 1 – 6.
NATAAMIJAYA, A.G. 2005.
Karakteristik penampilan pola warna bulu, kulit, sisik, dan paruh ayam Pelung
di Garut dan ayam Sentul di Ciamis. Bull. Plasma Nutfah 10(1): 1 – 10. http://bp2tp.litbang.deptan.
go.id/file/wp04_11_ayam sentul.pdf. (22 Oktober 2010).
NATAAMIJAYA, A.G., K. DIWYANTO, HARYONO, E. SUMANTRI dan M. KUSNI. 1994.
Karakteristik morfologis delapan
varietas ayam bukan ras (Buras) langka. Pros. Seminar Nasional Sains dan Teknologi
Peternakan.
Ciawi – Bogor, 25
– 26 Januari 1994. Balai Penelitian Ternak, Puslitbang Peternakan, Bogor. hlm.
605 – 614.
NATAAMIJAYA, A.G., K. DIWYANTO, S.N. JARMANI dan HARYONO, 1995.
Konservasi Ayam Buras Langka (Pelung, Nunukan, Gaok, Kedu Putih dan Jenis Ayam
Buras Lainnya). Laporan Kemajuan Penelitian Balai
Penelitian
Ternak, Ciawi, Bogor bekerjasama dengan Proyek Pemanfaatan dan Pelestarian
Plasma Nutfah
Pertanian, Bogor.
hlm. 1 – 20.
NATAAMIJAYA, A.G., S.N. JARMANI dan T. SARTIKA. 1996. Konsep
Strategi Penanganan Pelestarian Plasma Nutfah Pertanian Secara Ex-situ Ternak
Ayam Buras. Proyek Pemanfaatan dan Pelestarian Plasma Nutfah
Pertanian, Bogor.
NATAAMIJAYA. A.G., A.R. SETIOKO, B. BRAHMANTYO dan K. DIWYANTO. 2003.
Performans danm karakteristik tiga galur ayam local (Pelung, Arab, Sentul).
Pros. Seminar Nasional Teknologi Peternakan dan Veteriner. Bogor, 29 – 30
September 2003. Puslitbang Peternakan, Bogor. hlm. 353 – 359.
NURHAYATI, A.. 2001. Studi
fenotif ayam Sentul di Kecamatan Cipaku Kabupaten Ciamis Jawa Barat. Skripsi.
Fakultas Peternakan Institut Pertanian Bogor, Bogor.
PARTODIHARDJO, S. 1982. Ilmu
Reproduksi Hewan. Cetakan I. Mutiara, Jakarta.
PERATURAN MENTERI PERTANIAN NOMOR 49/PERMENTAN/OT. 140/10/2006.
Tentang Pedoman Pembibitan Ayam
Lokal yang Baik. http://www.deptan.go.id/bdd/ admin/
file/Permentan-49-06.pdf. (22 Oktober 2010).
PIKIRAN RAKYAT. 2009. Ciamis
Kembali Kembangkan Peternakan Ayam Sentul. Surat kabar Pikiran Rakyat edisi
09/10/2009. http://www.pikiran-rakyat.com/ node/98815 (22
Oktober 2010).
PIKIRAN RAKYAT. 2010.
Peternakan Ayam Sentul Kembali Meningkat. Surat kabar Pikiran Rakyat edisi
10/05/2010. http://www.pikiran-rakyat.com/node/ 113158. (22
Oktober 2010).
ROMANOF, A.L. and A.J. ROMANOFF. 1963. The Avian
Egg. John Willey and Sons, Inc., New York. SARTIKA . T, S. ISKANDAR, L.H. PRASETYO, H. TAKAHASHI, and M. MITSURU. 2004. Kekerabatan genetik ayam Kampung,
Pelung, Sentul, dan Kedu Hitam dengan menggunakan penanda DNA mikrosatelit: I.
Grup pemetaan pada mikro kromosom. JITV 9(2): 81 – 86.
SARTIKA, T. dan S. ISKANDAR. 2007. Mengenal
plasma nutfah ayam Indonesia dan pemanfaatannya. Balai Penelitian Ternak,
Puslitbang Peternakan, Bogor. hlm. 93 – 94.
SIDADALOG, J.H.P. 2007.
Pemanfaatan dan kegunaan ayam lokal Indonesia. Keanekaragaman Sumber Daya
Hayati Ayam Lokal Indonesia: Manfaat dan Potensi. In: DIWYANTO, K. dan S.N. PRIJONO (Ed.). Puslit Biologi LIPI. hlm. 27 – 42.
SIDADALOG, J.H.P. dan H. SASONGKO. 1990. Genetika
Produksi Telur dan Pertumbuhan pada Ayam Lokal. Laporan Penelitian No.
232/P4M/DPPM/BDXXI/ 1989. Fakultas Peternakan Universitas Gadjah Mada,
Yogyakarta.
SINURAT, A.P., SANTOSO. E. JUARINI, SUMANTO, T. MURTISARI dan B. Wibowo.
1992. Peningkatan produktifitas ayam buras melalui pendekatan sistem usaha tani
pada peternak kecil. Ilmu dan Peternakan 5: 73 – 77.
SOEPARNA. K. HIDAJAT dan T.D. LESTARI. 2005. Penampilan reproduksi tiga jenis ayam
lokal Jawa Barat. Pros.
Lokakarya Nasional Inovasi Teknologi Pengembangan Ayam Lokal. Semarang, 26
Agustus 2005. Puslitbang Peternakan dan Fakultas Peternakan Universitas
Dipenogoro, Semarang. hlm. 105 – 113.
SOMES, R.G. 1988. International registry of poultry
genetics stocks. Bull. DOC. No 476. Storrs Agricultural experiment. The
university of Connecticut. Station Storrs, Conecticut 06268.
STURKIE, P.D. and H. OPEL. 1976. Reproduction in The Male,
Fertilization and Early Embryonic Development.
Chapter 17. In: Avian Physiology Second Ed. STURKIE, P.D. (Ed.). Springer-Verlag. New York Heidel
berg Berlin. pp. 335 – 336.
SULANDARI, S., M.S.A. ZEIN and T. SARTIKA. 2007. Unblocking Indonesian Indigenous
Chicken Genome to Explore Genetic Resistance to Avian Influenza Virus
Infection. Laporan Kemajuan Kegiatan Tahap II, Program Insentif KNRT Tahun
Anggaran 2007.
SULANDARI, S., M.S.A. ZEIN, T. SARTIKA dan S. PARYANTI. 2006. Karakterisasi Molekuler Ayam Lokal
Indonesia. Laporan Akhir Program penelitian dan Pengembangan IPTEK Riset
Kompetitif LIPI tahun anggaran 2005 – 2006. DIPA Biro perencanaan dan keuangan
LIPI dan Puslit Biologi, LIPI.
K.L. Lauw & Erick
Van Brekellen. 1821. Pandoe Bahasa Melajoe I Beternak Ajam Kampoeng Indiche –
Peroesahaan Ternak “MISSOURI” Pangalengan. Hlm. 28-41.
PROPIL NU NULIS
Mbah Bēbēn alias Beni Yusana, ēstura
urang kampung bau lisung nu hirup basajan teu bodo-bodo acan. Hirup ngan ukur
nimbrung sugan jeung sugan kabawa ku basa bodo alēwoh.
Pituin urang Sunda anu gumelar di tanah Galuh Ciamis Blok Cilogok Kampung
Balukbuk mumuntuk Walungan Cisanca Desa Kaso dina tanggal 16 Desember 1968 jam
04.18 WIB tina kandungan Wartidjah Suwarsih binti Suharmi guru KP jaman baheula
di Gegerkalong Bandung sēnggē sēlēr turunan rabuyut Golok Merah ti Bahara jeung di yuga
ku Baim Sumadihardja Pulisi Nagara ti Korp. Menpor, sēnggē sēlēr
turunan pu’un Garatengah. Numutkeun lontar galur turunan nu aya di Dayeuhluhur
– Cilacap, tug kiwari karuhuna mangrupa rundayan turunan sēnggē sēlēr
ka-14 ti Eyang Prebu Wijaya Kusumah
Sawung Galah Kuningan.
Kiwari
kebo mulih pakandangan, nyaung-nyaung nganjrek di congo pasir tempat karang
pamidangan Blok Cukangakar Kampung Cibitung Desa Sukasari – Tambaksari dina
tutugan Pasarēan
Kinayadipa. Itik-kurih Rumah tangga jeung Urang Lebakwangi – Sukamantri Panjalu, mibanda anak awēwē
hiji-hijina anu ngaran Qonny Ilma Nafianti, sakulawarga ngukut Hayam Sentul
jeung balarēa
tatangga nu aya ku pola intensif ti taun 2012 nepi ka kiwari anu sugan jeung
sugan bisa pasini kapetik hasilna ka ala buahna tinekanan sapanejana meunang
ridho ti Alloh Ta’ala jeung diauban ku karuhuna.
Ngukut
hayam sentul lain palid ku cai atah, tapi ēstura wangsit anu ngajadi
alatan pangait sobat dalit babaturan
sakola di SMPN 1 Ciamis ti mimiti pangersa alm. Edi Diana tur ti nonoman para
abdi dalem rēngrēngan
pangjeujeuh Yanto Suprianto, S.Pt, MPt. tur pangaub dalem Ciamis saparakanca.
Kiwari Si Jelug geus lugay ti pasarēan,
turun lembur nyebar turunan, sangkan hayam sentul kapibanda ku balarēa.
Ngajadi hayam sajati paneja rancatan pangala, estura banda warisan Ciungwanara.
Cag Rampes ...
Sertifikat jeung piagam nu
ditarima ;
a. Sertifikat
|
no |
Kagiatan |
tahun |
Tingkat |
Prakarsa |
|
|
|
|
|
|
|
1. |
Bimtek Unggas Lokal |
2015 |
Nasional |
Ditjen Peternakan & Keswan
Kementan RI |
|
2. |
SRI |
2008 |
Provinsi |
Dinas Pertanian tan. Pangan
Prov. Jabar |
|
3. |
Wira Usaha Baru |
2000 |
Nasional |
Ditjen Industri Kecil Jabar |
|
4. |
kewirausahaan |
1999 |
Provinsi |
BPPD Depnaker Jabar |
b. Piagam
|
No |
Kegiatan |
Penerbit |
|
|
|
|
|
1. |
Juara I ayam sentul betina
unggul th. 2018 |
Disnakan Kab. Ciamis |
|
2. |
Juara II ayam sentul pejantan
unggul th. 2018 |
Disnakan Kab. Ciamis |
|
3. |
Juara I agribisnis ayam buras
th. 2017 |
Gubernur Provinsi Jabar |
|
4. |
Kelompok berprestasi th. 2017 |
Disnakan Kab. Ciamis |
|
5. |
Juara II ayam sentul betina
unggul th. 2017 |
Disnakan Kab. Ciamis |
|
6. |
Juara II ayam sentul pejatan
unggul th. 2017 |
Disnakan Kab. Ciamis |
|
7. |
Juara
I agribisnis ayam buras th. 2016 |
Disnakan Kab. Ciamis |
|
8. |
Juara
II ayam sentul betina unggul th. 2016 |
Disnakan Kab. Ciamis |
|
9. |
Juara
III ayam sentul pejantan unggul th. 2016 |
Disnakan Kab. Ciamis |
|
10. |
Juara
Umum Rekayasa Pakan bimtek unggas lokal 2015 |
BPTU Sembawa Sumsel |
|
11. |
Narasumber
success story budidaya ayam lokal th. 2015 |
Disnakan Kab. Bandung |
|
12. |
Narasumber
success story budidaya ayam lokal th. 2015 |
Disnakan Kab.Bandung Barat |
|
13. |
Anggota
Perumus Rencana Standar Kompetensi Kerja Nasional Indonesia (RSKKNI) bidang
produksi ternak di Bandung, Anggota
Perumus Standar Kompetensi Kerja Nasional Indonesia (SKKNI) di Bali, untuk
Pusat Pendidikan, Standarisasi dan Sertifikasi Profesi Pertanian th. 2015 |
Program
Kerja BPSDMP Kementrian
Pertanian RI melalui Direktorat Jenderal Peternakan dan
Kesehatan Hewan, Kementrian Tenaga Kerja RI serta
Kementrian Pendidikan RI. |

Komentar
Posting Komentar